Followers

Wednesday 9 October 2013

Kumpulan Lagu Kawih Mp3 Full Album

Kawih kiwari dipatalikeun pikeun musik vokal anu henteu diwengku ku hiji métrum saupama wanda pupuh sarta panjangna henteu tetep. Supandi ngadéfinisikeun kawih minangka musik vokal anu boga tempo tetep / ajeg.
Kawih disabit-sabit dina naskah Sunda buhun Sanghyang Siksakandang Karesian anu ditulis dina daun palem dina taun 1518. Genre musik vokal ieu diwincik dina naskah kasebut: kawih bwatuha,kawih panjangkawih lalanguankawih panyaramankawih sisindirankawih pengpeledanbongbong kasopareraneporod eurihkawih babahanankawih bangbarongankawih tangtungkawih sasambatankawih igel-igelan. Sebagain gedé wanda kawih nu disebut ku naskah kasebut ayeuna geus henteu dipikanyaho.
Kawih sisindiran meureun lalaguan sisindiran, nyaéta puisi pondok anu didasarkeun kana asosiasi sora (verbal) kawas anu kapanggih kiwari. Kawih bangbarongan bisa jadi musik anu marengan tari topéng sato bangbarongan. Kawih igel-igelan nyaéta lalaguan (musik) pikeun tari.
Naskah Sanghyang Siksakanda ng Karesian ogé nyebutkeun "Ieu kawih panyaraman pikawiheun ubar keueung, ngaranna Pangwereng Darma. Wanda kawih panyaraman ieu geus henteu kapanggih deui kahirupan kiwari.
Kalolobaan kawih dilagukeun sacara tunggal ku awéwé. Sanajan kitu, lalaki ogé bisa ngalagukeunana.
Download Mp3 Full Album

0 comments:

Post a Comment